Jumat, 08 Maret 2013

Puisi Sunda

Puisi sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi
Puisi nya éta karangan anu basana dirajit pinuh ku wirahma, kauger ku wangun jeung diksi, ungkara kalimahna henteu lancaran atawa cara basa sapéopoé.[1] Puisi Sunda dina wangun heubeul aya : (1) Nungawujud carita, hartina teksna dina wangun puisi tapi eusina ngawujud carita, naratif, saperti pantun jeung wawacan sedengken (2) Teu ngawujudna carita nya éta Mantra ngawengku Rajah, Singlar, Asihan, Jampé, Jangjawokan, jeung Ajian, Sisindiran ngawengku Paparikan, Rarakitan, jeung Wawangsalan, Kakawihan, Sair ngawengku Pupujian jeung Sawér, pamungkas Pupuh anu ngawengku Dangding jeung Guguritan.[1]

Conto Puisi Sunda

ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula
Hirup teh aci-acining:
Bagja!
                  Kénging
    hiji lalaki nyangcang parahu di basisir bulan
    Geus jauh lalakonna
    Manéhna pamayang terahing bumi
    Hiji lalaki nincak latar emas tanah bulan
    Geus panceg haténa
    Demi asih nu sumirat ka bumi
    Ku manéhna baris ditigas singsakur gulang-guling
    Nu ngajagang ngahalangan jalan
    Demi asih urang ka bumi
    Nini Antéh
    Hamo teurak sagala supata
    Urang sorot bumi jeung bulan ku Sajatining Cahaya
    Keur ngaberesihan reueuk-reueuk wasangka
    Nu nyangcang parahu di basisir
    Lain nu musapir
    Moal nyingkir ku pangusir

Tingal Ogé

Tidak ada komentar:

Posting Komentar